ANGKLUNG
Angklung nyaéta alat musik tradisional Sunda nu dijieun tina awi, dimaénkeun ku cara
dieundeukkeun (awak buku awina neunggar sarigsig) sahingga ngahasilkeun sora nu
ngageter dina susunan nada 2, 3, nepi ka 4 dina unggal ukuranana, boh nu badag
atawa nu leutik. Laras (nada) nu dipaké angklung tradisional Sunda biasana saléndro jeung pelog.
A. Sajarah
Dina kasenian Sunda, nu migunakeun
alat musik tina awi di antarana angklung jeung calung. Anapon
awi nu sok dipaké nyieun ieu alat musik biasana tina awi wulung (awi nu kelirna
hideung)
jeung awi temen (kelir bodas). Sada nu kaluar tina angklung jeung calung asalna
sarua, nyaéta tina solobong awi nu ngelentrung lamun ditabeuh (diadu).
Angklung geus dipikawanoh ku
masarakat Sunda ti jaman karajaan Sunda, di antarana pikeun ngagedurkeun
sumanget dina pangperangan. Fungsi angklung pikeun ngahudang sumanget ieu jadi
sabab dicaramna ieu kasenian ku pamaréntah jajahan Hindia
Walanda.
Kasenian angklung kiwari leuwih
mekar deui, ku ayana unsur ibing luyu jeung kapentinganana, misalna dina
upacara ngarak paré
kana leuit
(ngampih paré, nginebkeun) jeung dina mangsa mitembeyan melak paré (ngaseuk).
Pon kitu deui dina mangsa panén jeung sérén taun, nu ilaharna aya acara
arak-arakan nu kadang dibarengan ogé ku réngkong jeung dongdang.
B. Rupa-rupa
angklung
1. Angklung Kanékés
Di wewengkon Kanékés, angklung utamana dipaké patali
jeung upacara-upacara tatanén, lalin keur hiburan. Angklung dipaké nalika melak
paré di huma jeung ngubaran paré (tilu bulan sanggeus dipelak). Sanggeus
dipaké, angklung disimpen dina upacara musungkeun angklung.
Pikeun tujuan hiburan, angklung
ilaharna dipidangkeun nalika caang bulan jeung teu hujan. Ieu hiburan téh
digelar di buruan bari nembang, di antarana Lutung Kasarung, Yandu
Bibi, Yandu Sala, Ceuk Arileu, Oray-orayan, Dengdang,
Yari Gandang, Oyong-oyong Bangkong, Badan Kula, Kokoloyoran,
Ayun-ayunan, Pileuleuyan, Gandrung Manggu, Rujak Gadung,
Mulung Muncang, Giler, Ngaranggeong, Aceukna, Marengo,
Salak Sadapur, Rangda Ngendong, Celementre, Keupat
Reundang, Papacangan, jeung Culadi Dengdang.
2. Angklung Dogdog
Lojor
Kasenian dogdog lojor ayana di
masarakat Kasepuhan Pancer Pangawinan
atawa masarakat adat Banten Kidul nu sumebar di sabudeureun Gunung
Halimun. Najan kasenian ieu ngaranna dogdog lojor, luyu jeung
salasahiji alat musikna, ieu kasenian dilengkepan ogé ku angklung, sabab patali
jeung upacara adat paré. Unggal geus panén, masarakat ngayakeun acara Sérén
Taun di puseur kampung adat (imah kokolot) anu biasana pindah-pindah luyu jeung
paréntah tina wangsit.
Tradisi ngamulyakeun paré di ieu
masarakat masih terus lumangsung, kusabab masarakatna masih pengkuh kana adat
baheula. Dumasar pitutur turun-tumurun, ieu masarakat adat ngaku salaku turunan
para prajurit karaton Pajajaran barisan Pangawinan (prajurit nu marawa tumbak).
Najan kitu, masarakat kasepuhan ieu geus lila ngagem Islam sarta narima kana
modérenisasi. Luyu jeung kamekaran ieu, dogdog lojor ogé kadang sok midang dina
acara nyunatan, ngawinkeun, sarta karaméan lianna.
Kasenian dogdog lojor dimaénkeun ku
genep urang nu nyepeng alat musikna séwang-séwangan, nyaéta dua dogdog lojor
jeung opat angklung gedé, nu masing-masing boga ngaran: gonggong, panémbal,
kingking, jeung inclok (noron ti nu pangbadagna).
Lagu-lagu dogdog lojor di antarana Balé
Agung, Samping Hideung, Oléng-oléng Papangantén, Si
Tunggul Kawung, Adulilang, jeung Adu-aduan.
Upami di Sukabumi
kasohorna Dogdog loyor pangrojong dina acara panen.
3. Angklung Gubrag
Angklung gubrag ayana di kampung
Cipining, kecamatan Cigudeg, Bogor. Ieu angklung umurna geus kolot,
dipaké dina upacara melak, ngunjal, jeung ngadiukkeun paré ka leuit. Dumasar
carita turun-tumurun, ieu angklung téh mimiti aya dina hiji mangsa paceklik.
4. Angklung Badéng
Badéng téh mangrupakeun kasenian nu
asalna ti Sanding, Malangbong, Garut. Bentuk kasenian angklung ieu
dipaké pikeun kapentingan da'wah Islam, kira abad ka-16 atau 17.
Harita, Arpaén jeung Nursaen (dua warga Sanding), diajar Islam ka Demak. Samulangna ti
Demak, aranjeunna nyumebarkeun ajaran Islam ka masarakat Sanding hususna
migunakeun kasenian badéng.
Angklung nu dipaké dina pintonan
badéng aya salapan: angklung roél dua, angklung kecer hiji, angklung indung
jeung bapa opat, jeung dua angklung anak anu dibarengan ku dogdog dua, terebang
atawa gembyung dua, jeung kecrék hiji. Rumpaka tembangna maké basa Sunda
nu euyeub ku istilah basa Arab, nu kadieunakeun ogé ditambah ku basa
Indonésia. Eusi rumpakana taya lian ti ajén -inajén Islam jeung
pitutur. Pidangan ieu kasenian kadang ogé dibarengan ku debus nu mintonkeun
élmu-élmu kawedukan.
Tembang-tembang badéng anu kawentar,
di antarana Lailaha illalloh, Ya’ti, Kasréng, Yautika,
Lilimbungan, jeung Solaloh.
5. Buncis
Buncis téh seni pintonan nu watekna
hiburan, nu utamana kawentar di wewengkon Baros (Arjasari, Bandung). Ngawitanna buncis dianggo dina acara katanian anu aya hubunganna sareung pare. Tapi ayeuna buncis dianggo kange hiburan, kusabab ayana parubahan pola pikir masyarakat anu mulai kirang memperhatikeun kana hal kapercayaan kapungkur. Tahun 1940-an dianggo pikeun beresna fungsi ritual buncis kana panghormatan pare, saat eta buncis barubah janten seni patunujkan pikeun hiburan. Mulai tiharita wadah-wadah kange nyimpeun pare (leuit, lumbung) mulai leungit ti imah-imah panduduk, digentos ku wadah-wadah karung anu leuwih praktis, jeung gampil dibawa kamana-mana. Pare ayeunalobaanu langsung dijual, teu disimpeun di lumbung. Ku sabab kitu kasenian buncis anu tadina digunakeun pikeun acara-acara ngunjal/mawa pare teu diayakeun deui.
(Sumber Rujukan : http://su.wikipedia.org/wiki/Angklung)





Tidak ada komentar:
Posting Komentar