Jaipongan
Jaipongan nya
éta hiji wanda seni tari nu lahir tina kréativitas seniman asal Bandung,
Gugum Gumbira. Perhatiannana kana kasenian
rahayat nu salasahijina nya éta ketuk tilu
nyababkeun anjeunna wanoh bener-bener kana perbendaharan pola-pola gerak tari
tradisi nu aya dina kiliningan/bajidoran atawa ketuk tilu. Gerak-gerak bukaan,
pencugan, nibakeun jeung sababaraha ragem gerak mincid tina
sababaraha kasenian di luhur cukup miboga inspirasi keur ngamekarkeun tari
atawa kasenian nu kiwari dipikawanoh minangka jaipongan. Kiwari jaipongan sering dipaké keur hiburan dina acara
kawinan jeung sunatan, utamana di daérah Subang jeung Karawang.
a. Sajarah
Saméméh wangun seni pertunjukan ieu mucunghul, aya
sababaraha pangaruh nu ngasangtukangan wangun tari pergaulan ieu. Di Jawa Barat
misalna, tari pergaulan mangrupakeun pangaruh tina Ball Room, nu biasana
dina pintonan tari-tari pergaulan teu leupas tina ayana ronggéng jeung pamogoran. Ronggéng dina
tari pergaulan henteu ukur fungsi keur kagiatan upacara, tapi keur hiburan
atawa cara gaul. Ayana ronggéng dina seni pintonan mibanad daya tarik nu
ngondang simpati kaum pamogoran. Misalna dina tari Ketuk Tilu nu kacida
dipikawanohna ku masarakat Sunda, diperkirakeun kasenian ieu kasohor
sakitar taun 1916.
Minangka seni pintonan rahayat, kasenian ieu ukur dirojong ku unsur-unsur
basajan, saperti waditra
nu ngawengku rebab,
kendang,
dua siki kulanter, tilu siki ketuk, jeung goong. Pon nya kitu deui
gerak-gerak tarina nu henteu mibanda pola gerak nu baku, kostum penari nu
basajan minangka lambang karahayatan.
Marengan mudarna jenis kasenian di luhur, urut pamogoran
(panongton nu aktif aktif dina seni pintonan Ketuk Tilu/Dogér/Tayub) pindah
perhatiannana kana seni pintonan Kiliningan, nu aya di daerah basisir kaler
Jawa Barat (Karawang,
Bekasi,
Purwakarta,
Indramayu,
jeung Subang)
katelah Kiliningan Bajidoran nu pola tarina jeung pintonannana mibanda
sasaruaan jeung kasenian samemehna (Ketuk Tilu/Dogér/Tayub). Ayana tarian dina Topeng Banjet
cukup dipikaresep, hususna di Karawang, nu sababaraha pola gerak bajidoran
dicokot tina tarian dina Topeng Banjet ieu. Sacara koreografis tarian ieu masih
mintonkeun pola-pola tradisi (Ketuk Tilu) nu ngandung unsur gerak-gerak bukaan,
pencugan, nibakeun jeung sababaraha ragem gerak mincid nu jadi dasar ciptana
tari Jaipongan. Sababaraha gerak-gerak dasar tari Jaipongan lian ti Ketuk Tilu,
Ibing Bajidor sarta Topeng Banjet nyaeta Tayuban jeung Pencak Silat.
Mucunghulna tarian karya Gugum Gumbira awalna disebut Ketuk
Tilu kamekaran, nu memang sabab dasar tarian eta mangrupakeun kamekaran tina
Ketuk Tilu. Karya munggaran Gugum Gumbira kacida kentelna keneh ku kelir ibing
Ketuk Tilu, boh tina segi koreografi atawa iringannana, nu satuluyna tarian ieu
jadi populer kalayan sebutan Jaipongan.
b. Kamekaran
Karya jaipongan munggaran nu dipikawanoh ku masarakat nyaeta tari "Daun Pulus
Késér Bojong" jeung "Réndéng Bojong" nu duanana mangrupakeun
jenis tari awewe jeung tari papasangan (lalaki jeung awewe). Tina tarian ieu
mucunghul sababaraha ngaran penari jaipongan nu parigel saperti Tati Saleh, Yeti Mamat, Eli Somali, jeung Pepen Dedi Kurniadi. Awal
mucunghulna ibing ieu kungsi jadi wangkongan, nu isu sentralna nyaeta gerakan
nu erotis tur vulgar. Tapi ku ayana ekspos
sababaraha media citak, ngaran Gugum Gumbira mulai dipikawanoh ku masarakat,
komo deui sanggeus tari Jaipongan dina taun 1980 dipintonkeun dina TVRI stasion puseur Jakarta.
Balukar tina kasohoran ieu nyaeta beuki ningkatna, boh di media televisi,
hajatan atawa kariaan nu diayakeun ku swasta jeung pamarentah.
Hadirna Jaipongan mikeun kontribusi anu cukup badag ka para
seniman tari pikeun leuwih aktip deui ngadongkar jenis tarian rahayat anu
saméméhna kurang perhatian. Tari Jaipongan dimangpaatkeun ku para seniman tari
pikeun ngayakeun kursus-kursus tari Jaipongan, dimangpaatkeun ogé ku pangusaha
pub-pub peuting pikeun metot sémah, di mana perkembangan kasempetan usaha
sarupa kieu dijieun ku para seniman tari minangka usaha pemberdayaan ékonomi
ngaliwatan ngaran Sanggar Tari atawa grup-grup di sawatara wewengkon di Jawa
Kulon, contona di Subang jeung Jaipongan gaya "kaléran" (kalér).
Ciri Jaipongan gaya kaléran, nyaéta marahmay, érotis,
humoris, pinuh sumanget, spontan, sarta basajan (alami, naon ayana). Hal éta
kaeunteung dina pola tari dina pintonanana, aya anu dibéré pola (Ibing Pola)
kawas dina seni Jaipongan anu aya di Bandung, ogé aya ogé tarian anu henteu
dipola (Ibing Saka), contona dina seni Jaipongan Subang sarta Karawang. Istilah
ieu bisa dipanggihan dina Jaipongan gaya kaléran, utamana di wewengkon Subang.
Dina pintonanana, Jaipongan gaya kaléran ieu nyaéta: 1) Tatalu; 2) Kembang
Gadung; 3) Buah Kawung Gopar; 4) Tari Bubuka (Ibing Pola), biasana dipintonkeun
ku penari tunggal atawa Sinden Tatandakan (saurang sinden tapi henteu bisa
ngawih nanging ngalagu sinden/juru kawih); 5) Jeblokan sarta Jabanan, mangrupa
bagian pintonan sabot para panongton (bajidor) sawér duit (jabanan) bari salam
témpél. Istilah jeblokan diartikeun minangka pasangan anu tumetep antara sinden
sarta panongton (bajidor).
Perkembangan saterusna tari Jaipongan lumangsung dina taun
1980-1990-an,
nalika Gugum Gumbira nyiptakeun tari séjénna kawas Toka-toka, Sétra Sari,
Sonteng, Pencug, Kuntul Mangut, Iring-iring Daun Puring, Rawayan sarta tari
Kawung Anten. Tina tarian-tarian kasebut mecenghul sawatara penari Jaipongan
anu jago contona Iceu Effendi, Yumiati Teuneung, Miming Mintarsih, Nani, Erna,
Mira Tejaningrum, Ine Dinar, Ega, Nuni, Cepy, Agah, Aa Suryabrata sarta Asep.
Kiwari tari Jaipongan kaci disebut salah sahiji idéntitas
kesenian Jawa Kulon, hal ieu kasampak dina sawatara acara-acara penting anu
patali jeung sémah ti nagara deungeun anu datang ka Jawa Kulon, mangka dipapag
ku pintonan tari Jaipongan. Kitu ogé nalika aya misi-misi kasenian ka manca
nagara sok dilengkepan ku tari Jaipongan. Tari Jaipongan réa mangaruhan
kasenian-kasenian balaréa séjén anu aya di Jawa Kulon, boh dina seni pintonan
wayang, degung, genjring/terbangan, kacapi jaipong, sarta ampir kabéh pintonan
rahayat boh dina musik dangdut modern anu dikolaborasikeun jeung Jaipong jadi
kasenian Pong-dut. Jaipongan anu dimimitian ku Mr. Nur & Leni.


Tidak ada komentar:
Posting Komentar