Sababaraha jajanan khas Jawa Barat
1. Combro
![]() |
Combro atawa comro mangrupikeun kaeumaman khas ti jawa barat. comro didamel tina parudan sampeu nu dibentuk buled atawa lonyong anu di lebeutna diisian ku sambel oncom teras digoreng. Ku sababab kitu disebat comro nu artina oncom di jero. Kaeumaman iyeu leangkung raos pami dituangna masih hanet kenah.
2. Karedok
Karedok mengrupikeun kaolahan khas ti daerah Jawa Barat. kainaredok ieu didameilnatina sabababaraha hiji sayuran anu masih saleger keneh, tanpa aya proses diasakan ku seuneu. sahingga kandungan gizi sareng seratna masih seer keneh. Sae piken kasehatan.
3. Peuyeum
Peuyeum didameul tina sampeu anu di fermentasikeun nganggo ragi, proses ngadamelna dipeyeum salama babaraha dinten dugika sampeuna janten hipu janten peyeum anu tos siap di tuang. Peyeum iyeu kasohor pisan di Jawa Barat jeung tos dikenal di saluruh tempat, ngawitan ti Jawa Barat dugika Jawa timur.
Peyeum iyeu mangrupikeun oleh-oleh anu tos seueur di ical di mana-mana khususna di pusat oleh-oleh ti Jawa Barat, hargina oge terjangkau tiasa dipeser kusaha wae.
Janten pami kantos ameng ka daerah Jawa Barat kirang apdol pami acan nyandak atawa meser oleh-oleh peyeum iyeu.
3. Misro
Misro didamelna tina sampeu anu diparud nu di leubeutna diisian ku gula beureum atanapi gulaoren kawung. Salajeungna di goreng, dinamian misro kusabab singkatan tina "amis di jero" bentukan buled hampir mirip sareung combro. pami comro lebetna ngango omcom,
Misro iyeu langkung sae sareng langkung nikmat pami dituangna dina kaayaan haneut keneh.
4. Cireng
Cireng mangrupikeun jajanan khas urang sunda, anu asalna tina campuran tipung kanji (aci sampeu). Cireng mangrupikeun cemilan anu kasohor di daerah Priangan, tos diical dina sagala bentuk sareung seueur pilihan rasana. Cireng dina zaman ayeunamah tos seueur panikmatna, mulai ti murangkalih sakola dugika pagaai kantoran. Nu asal mulana diical di pinggiran jalan, ayeuna tos mulai aya di mol-mol.
Ayeuna cireng tos tiasa dipendakan di hampir sadaya panjuru nusantara.
Saleresna masih seueur kenah jajanan sareng kaeumaman khas ti Jawa Barat, tapi dina deuget iyeu mung sakitu anu tiasa kasanggakeun. Mudah-mudahan tiasa manfaat kange sadayana anu priogi kana ieu informasi.




Tidak ada komentar:
Posting Komentar