Jumat, 20 April 2012

Tradisional Angklung

ANGKLUNG



Angklung nyaéta alat musik tradisional Sunda nu dijieun tina awi, dimaénkeun ku cara dieundeukkeun (awak buku awina neunggar sarigsig) sahingga ngahasilkeun sora nu ngageter dina susunan nada 2, 3, nepi ka 4 dina unggal ukuranana, boh nu badag atawa nu leutik. Laras (nada) nu dipaké angklung tradisional Sunda biasana saléndro jeung pelog.




A. Sajarah

Dina kasenian Sunda, nu migunakeun alat musik tina awi di antarana angklung jeung calung. Anapon awi nu sok dipaké nyieun ieu alat musik biasana tina awi wulung (awi nu kelirna hideung) jeung awi temen (kelir bodas). Sada nu kaluar tina angklung jeung calung asalna sarua, nyaéta tina solobong awi nu ngelentrung lamun ditabeuh (diadu).
Angklung geus dipikawanoh ku masarakat Sunda ti jaman karajaan Sunda, di antarana pikeun ngagedurkeun sumanget dina pangperangan. Fungsi angklung pikeun ngahudang sumanget ieu jadi sabab dicaramna ieu kasenian ku pamaréntah jajahan Hindia Walanda.
Kasenian angklung kiwari leuwih mekar deui, ku ayana unsur ibing luyu jeung kapentinganana, misalna dina upacara ngarak paré kana leuit (ngampih paré, nginebkeun) jeung dina mangsa mitembeyan melak paré (ngaseuk). Pon kitu deui dina mangsa panén jeung sérén taun, nu ilaharna aya acara arak-arakan nu kadang dibarengan ogé ku réngkong jeung dongdang.

B. Rupa-rupa angklung

1.  Angklung Kanékés

Di wewengkon Kanékés, angklung utamana dipaké patali jeung upacara-upacara tatanén, lalin keur hiburan. Angklung dipaké nalika melak paré di huma jeung ngubaran paré (tilu bulan sanggeus dipelak). Sanggeus dipaké, angklung disimpen dina upacara musungkeun angklung.
Pikeun tujuan hiburan, angklung ilaharna dipidangkeun nalika caang bulan jeung teu hujan. Ieu hiburan téh digelar di buruan bari nembang, di antarana Lutung Kasarung, Yandu Bibi, Yandu Sala, Ceuk Arileu, Oray-orayan, Dengdang, Yari Gandang, Oyong-oyong Bangkong, Badan Kula, Kokoloyoran, Ayun-ayunan, Pileuleuyan, Gandrung Manggu, Rujak Gadung, Mulung Muncang, Giler, Ngaranggeong, Aceukna, Marengo, Salak Sadapur, Rangda Ngendong, Celementre, Keupat Reundang, Papacangan, jeung Culadi Dengdang.


 2. Angklung Dogdog Lojor

Kasenian dogdog lojor ayana di masarakat Kasepuhan Pancer Pangawinan atawa masarakat adat Banten Kidul nu sumebar di sabudeureun Gunung Halimun. Najan kasenian ieu ngaranna dogdog lojor, luyu jeung salasahiji alat musikna, ieu kasenian dilengkepan ogé ku angklung, sabab patali jeung upacara adat paré. Unggal geus panén, masarakat ngayakeun acara Sérén Taun di puseur kampung adat (imah kokolot) anu biasana pindah-pindah luyu jeung paréntah tina wangsit.
Tradisi ngamulyakeun paré di ieu masarakat masih terus lumangsung, kusabab masarakatna masih pengkuh kana adat baheula. Dumasar pitutur turun-tumurun, ieu masarakat adat ngaku salaku turunan para prajurit karaton Pajajaran barisan Pangawinan (prajurit nu marawa tumbak). Najan kitu, masarakat kasepuhan ieu geus lila ngagem Islam sarta narima kana modérenisasi. Luyu jeung kamekaran ieu, dogdog lojor ogé kadang sok midang dina acara nyunatan, ngawinkeun, sarta karaméan lianna.
Kasenian dogdog lojor dimaénkeun ku genep urang nu nyepeng alat musikna séwang-séwangan, nyaéta dua dogdog lojor jeung opat angklung gedé, nu masing-masing boga ngaran: gonggong, panémbal, kingking, jeung inclok (noron ti nu pangbadagna).
Lagu-lagu dogdog lojor di antarana Balé Agung, Samping Hideung, Oléng-oléng Papangantén, Si Tunggul Kawung, Adulilang, jeung Adu-aduan.
Upami di Sukabumi kasohorna Dogdog loyor pangrojong dina acara panen.


 3.  Angklung Gubrag



Angklung gubrag ayana di kampung Cipining, kecamatan Cigudeg, Bogor. Ieu angklung umurna geus kolot, dipaké dina upacara melak, ngunjal, jeung ngadiukkeun paré ka leuit. Dumasar carita turun-tumurun, ieu angklung téh mimiti aya dina hiji mangsa paceklik.






4. Angklung Badéng

 Badéng téh mangrupakeun kasenian nu asalna ti Sanding, Malangbong, Garut. Bentuk kasenian angklung ieu dipaké pikeun kapentingan da'wah Islam, kira abad ka-16 atau 17. Harita, Arpaén jeung Nursaen (dua warga Sanding), diajar Islam ka Demak. Samulangna ti Demak, aranjeunna nyumebarkeun ajaran Islam ka masarakat Sanding hususna migunakeun kasenian badéng.
Angklung nu dipaké dina pintonan badéng aya salapan: angklung roél dua, angklung kecer hiji, angklung indung jeung bapa opat, jeung dua angklung anak anu dibarengan ku dogdog dua, terebang atawa gembyung dua, jeung kecrék hiji. Rumpaka tembangna maké basa Sunda nu euyeub ku istilah basa Arab, nu kadieunakeun ogé ditambah ku basa Indonésia. Eusi rumpakana taya lian ti ajén -inajén Islam jeung pitutur. Pidangan ieu kasenian kadang ogé dibarengan ku debus nu mintonkeun élmu-élmu kawedukan.
Tembang-tembang badéng anu kawentar, di antarana Lailaha illalloh, Ya’ti, Kasréng, Yautika, Lilimbungan, jeung Solaloh.


5. Buncis


Buncis téh seni pintonan nu watekna hiburan, nu utamana kawentar di wewengkon Baros (Arjasari, Bandung). Ngawitanna buncis dianggo dina acara katanian anu aya hubunganna sareung pare. Tapi ayeuna buncis dianggo kange hiburan, kusabab ayana parubahan pola pikir masyarakat anu mulai kirang memperhatikeun kana hal kapercayaan kapungkur. Tahun 1940-an dianggo pikeun beresna fungsi ritual buncis kana panghormatan pare, saat eta buncis barubah janten seni patunujkan pikeun hiburan. Mulai tiharita wadah-wadah kange nyimpeun pare (leuit, lumbung) mulai leungit ti imah-imah panduduk, digentos ku wadah-wadah karung anu leuwih praktis, jeung gampil dibawa kamana-mana. Pare ayeunalobaanu langsung dijual, teu disimpeun di lumbung. Ku sabab kitu kasenian buncis anu tadina digunakeun pikeun acara-acara ngunjal/mawa pare teu diayakeun deui.


                                                                     




                                                                         (Sumber Rujukan : http://su.wikipedia.org/wiki/Angklung) 

Selasa, 17 April 2012

Jajanan khas urang Sunda

Sababaraha jajanan khas Jawa Barat

1. Combro





Combro atawa comro mangrupikeun kaeumaman khas ti jawa barat. comro didamel tina parudan sampeu nu dibentuk buled atawa lonyong anu di lebeutna diisian ku sambel oncom teras digoreng. Ku sababab kitu disebat comro nu artina oncom di jero. Kaeumaman iyeu leangkung raos pami dituangna masih hanet kenah.









2. Karedok 




Karedok mengrupikeun kaolahan khas ti daerah Jawa Barat.  kainaredok ieu didameilnatina sabababaraha hiji sayuran anu masih saleger keneh, tanpa aya proses diasakan ku seuneu. sahingga kandungan gizi sareng seratna masih seer keneh. Sae piken kasehatan.




3. Peuyeum

Peuyeum didameul tina sampeu anu di fermentasikeun nganggo ragi, proses ngadamelna dipeyeum salama babaraha dinten dugika sampeuna janten hipu janten peyeum anu tos siap di tuang. Peyeum iyeu kasohor pisan di Jawa Barat jeung tos dikenal di saluruh tempat, ngawitan ti Jawa Barat dugika Jawa timur.
Peyeum iyeu mangrupikeun oleh-oleh anu tos seueur di ical di mana-mana khususna di pusat oleh-oleh ti Jawa Barat, hargina oge terjangkau tiasa dipeser kusaha wae.


Janten pami kantos ameng ka daerah Jawa Barat kirang apdol pami acan nyandak atawa meser oleh-oleh peyeum iyeu.

3. Misro


Misro didamelna tina sampeu anu diparud nu di leubeutna diisian ku gula beureum atanapi gulaoren kawung. Salajeungna di goreng, dinamian misro kusabab singkatan tina "amis di jero" bentukan buled hampir mirip sareung combro. pami comro lebetna ngango omcom,
Misro iyeu langkung sae sareng langkung nikmat pami dituangna dina kaayaan haneut keneh.

 

4. Cireng


Cireng mangrupikeun jajanan khas urang sunda, anu asalna tina campuran tipung kanji (aci sampeu). Cireng mangrupikeun cemilan anu kasohor di daerah Priangan, tos diical dina sagala bentuk sareung seueur pilihan rasana. Cireng dina zaman ayeunamah tos seueur panikmatna, mulai ti murangkalih sakola dugika pagaai kantoran. Nu asal mulana diical di pinggiran jalan, ayeuna tos mulai aya di mol-mol.
 Ayeuna cireng tos tiasa dipendakan di hampir sadaya panjuru nusantara.





Saleresna masih seueur kenah jajanan sareng kaeumaman khas ti Jawa Barat, tapi dina deuget iyeu mung sakitu anu tiasa kasanggakeun. Mudah-mudahan tiasa manfaat kange sadayana anu priogi kana ieu informasi.